Senin, 13 Mei 2013

Hurip Jabar :)

Wilujeung sumping...
Sampurasun... Tepangkeun wasta pun Taufik Kamil Abdussalam
yiswa sim abdi 17 taun . abdi ayeuna nemba atikan di Smkn 1 Garut
abdi didieu bade ngenalkeun kasenian anu aya di provinsi abdi nyaeta Jawa Barat.

Selamat datang...
Assalam'ulaikum .. Perkenalkan nama saya Taufik Kamil Abdussalam.
umur saya 17 tahun . saya sekolah di Smkn 1 Garut
disini saya akan memperkenalkan kasenian yang berada di provinsi saya yaitu Jawa Barat.

Welcome..
Hey everyone ... I would like to introduce my self. My name Taufik Kamil Abdussalam 
i'm 17th years old. i'm study at Vocational 1 Garut.
i want to tell you about  art of my province. My province is West Java


 Why i want to tell and share to you?. about literature and culture of my province??? because our literature and culture so rich.and so good than nice. especially Garut's Regency who's i love.

Nu utami abdi bade ngeunalkeun kasenian di  garut. Garut teh kagungan seur kabudayaanna
di garut teh kagungan seu'eur kasenian . malihan di unggal widang. sareng unggal kasenianna teh benten- benten makna na  teras kasenian Garut mah seu'eur ngandung unsur agamisna.
abdi bade maparinkeun hiji- hiji kasenian anu aya di Kabupaten Garut . Nyaeta :

Surak Ibra :

Surak ibra teh kasenian ti garut. anu di cipatkeun sareng di kenalkeun ku Eyang papak teras di kenalkeun deui ku Pa ibra. di Sindang sari. Cinunuk , Garut

Kasenian ieu teh nunjukeun yen warga teh teu resep sangkan walanda panguasa di kabupaten garut teh . janteun surak ibra mah nyimbolkeun kabebasan....

Kasenian ieu teh di paenkeun ku seur jalmi. nang kasenian ieu teu aya istri anu ngiringan atanapi maenkeun kasenian ieu . matak anu seur anu maenkeun kasenian ieu mah pameugeut hungkul . kumargi kedah ngangge tanagi anu ageug..... 
surak ibra ge sok di iringi ku alat musik tradisonal kangge pangleungkeup kasenianna.

Lais
Kasenian lais nyaeta . kasenian akrobatik dina tali anu di benyeng ku 2 ( dua ) awi. Panjang tali na teh 6 meter sareng jangkung awina teh 13 meter sareng awina ge awi bambo. Kumargi bambo mah kuat tur jangkung sarta babari di candak - candak diantawis awi nusanes.
jalmi anu maenkeun kasenian lais disebat pelais anu naekna teh sajalmi ( nyalira). teras kasenian ieu teh diiringan ku musik reog sareng kendang penca . dog - dog sareng tarompet .
ditaratas ku Pak laisan . janteun kasenian eta teh disebat Lais. di kenalkeun di Kampung Nangka pait Kec Sukawening , Garut



     

 Dodombaan

Dodombaan nyaeta salah sahiji kaseniaan anu aya di kampung Panembong Kecamatan Bayongbong,Garut . Kaseniaan ieu teh sami sapertos sisingaan anu aya di subang. Nang bentenna ieu mah ku dodombaan sanes ku singa teras diiringan kutatabuhan sareng kendang pencak silat sareng jalmi jalmi anu aya ngiringan. Sareng aya 8 ( dalapan ) jalmi anu nyandak 2 ( dua ) patung dodmba anu didamel tina kai anu tiasa di taekan ku budak alit . Kaseniaan ieu sok aya dina kagiatan sapertos Hari jadi Garut kaping 17 maret.sareng kagiatan nu sajabina....

Gesrek
Gesrek mangsrupikeun kaseniaan anu sami sapertos kaseniaan debus . anu di Desa Pakenjeng.Garut. Kaseniaan ieu teh seur unsur ghaibna kumargi nampilkeun kaikatan anu magis . sapertos naceb - nancebkeun atanapi ngabeset - besetkeun ku peseo atanapi ku bedog sareng nahan panas na seuneu. Kasenian gesrek ge sok disebat kasenian bubuang pati. Jalmi anu hoyong ngiringan atanapi nyobian kaseniaan ieu kedah leber wawanenna sareng sayogi. Nang kaseniaan ieu ge osok macakeun atanapi babacaan anu aya dina Al - Quran . Kasenian ieu di paenkeun ku 10 jalmi dibantos ku 4 dugika 7 jalmi anu kagungan tugas maparinkeun alat - alatna sareng sok diiringan ku Kendang pencak. Sateu acan dilaksanakeuna pertunjukan ketuana kedah nyiapkeun sasajen mangrupakeun kalapa muda. endog.rujak roti.rujak asam.rujak kalapa.numpeng sareng ngadoa.. teras alat-alatna ge kedah di doa'an heula.

Badeng 
 Kasenian badeng dijieun taun 1800 jamanna para wali. anu ditataras ku Arfaen Nursaen namina nu kashor mah Lurah Acok . Lurah acok teh hoyong nyebarkeun agamana nyaeta isalm kumaha carana oge. Lurah acok teh sareng santri - santri ngadamel kaseniaan ieu . Kasnian sok ngecapkeu shalawat sareng do'a . Saprak tidinya Lurah acok sareng santri - santrina unggal minggon . sasih . sok nampilkeun ieu kaseniaan . Kaseniaan ieu kagungan komarana di Malangbong. Kaseniaan ieu sok aya dina acara khitanan (sepitan).maulud.sareng Hari jadi Garut sareng sajabina. 
Alat - alatna :
- 2 ( dua ) angklung anu alit anu sok disebat roel
- 2 ( dua ) dog - dog lonjor 
- Sareng 7 angklung anu badag sapertos :  angklung indung, angklung kenclung sareng  angklung kecer anu disamikeun jeung nami dinten, alat ieu dicepengku 4 jalmi

Pencak ular
Pencak ular mangrupikeun kaseniaan anu nyarupaning Pencak silat . Pencak ular komara di kecamatan Samarang,Garut. Teu aya bentenna nang jurus - jurna rada di robih teras pedah kuat ku gegelan oray .





Bangklung
Kasenian bangklung mangrupikeun pacampuran kasenian tradisional nyaeta Kasenian terebang sareng kasenian angklung babud. Asal muasal kaseniaan ieu ti Kampung Babakan.Desa Cisero kecamatan Cisurupan,Garut 1968. Ditinggal dina alat musikna sareng seu'eur pamaenna. Kasenian bangklung dikategorikeun kana kasenian helaran anu kedah nyayogikeun seu'eur jalmi.
Alat musik bangklung aya lima rupi terebang nyaeta : 
1.Terebang anak
2.Terebang kempring
3.Terebang kempa
4.Terebang bangsing
5.Terebang indung
Anu kagunaanna teh sapertos goong teras aya 9 angklung diantawisna :
1.Dua angklung amruk
2.Dua angklung emas / pancet
3.Opat angklung roel
Sareng tembang - tembang anu nyanyikeunna nyaeta :
1.Tembang anjrog
2.Tembang Kacang
3.Tembang buncis
4.Tembang ya maulama
5.Tembang soleang


















                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar